Pupuh Sunda

Kinanti

budak leutik bisa ngapung
babaku ngapungna peuting
nguriling kakalayangan
neangan nu amis-amis
sarupaning bungbuahan
naon wae nu kapanggih


Sinom 1

aya hiji rupa kembang
raranggeuyan tapi leutik
rupana bodas kacida
matak lucu liwat saking
hanjakal teu seungit
lamun ku urang di ambung
kitu soteh ti beurang
lamun seug mungguh ti peuting
sumeleber nyambuang sapakarangan

Sinom 2

warna warni lauk empang
rea nu sami jeung pingping
pagulung patumpang-tumpang
ratna rengganis ningali
sagala lauk cai
lalawak pating suruwuk
sepat pating kocepat
julung-julung ngajalinjing
rea beunteur lir turun tina babantar


Asmarandana

eling-eling mangka eling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan wae
raga taya pangawasan
lamun kasasar nalampah
nafsu nu matak kaduhung
badan anu ka tempuhan


Magatru 1

coba teguh naon nu sukuna tilu
panon opat heunteu alib
leumpang ruman jieun laun
estuning ku matak watir
dongko bari ahak ohok

Magatru 2

hulu nutug buntutna ngacung kaluhur
buluna carentik rintit
matana mang puluh-puluh
rasa haseum semu amis
rajeg narangtung di kebon

Mijil 1

budak leutik kabisa ngan ceurik
mun geus hayang nyonyo
suku heuras bari roas roes
komo lamun pareng rada gering
ceurik sapeupeuting ngagandengan batur

Mijil 2

tapi ema keur kulem ge tanghi
kang putra di pondong
bangun deudeuh pisan manah nateh
rap di pangku, di ayun, di ais
yun di ayun ambing ku kidul pangrungrum


Maskumambang 1

aduh ibu naha tega ngantun abdi
teu acan dewasa
abdi sareng adi-adi
males budi kasalira

Maskumambang 2

hei barudak kudu mikir ti leuleutik
maneh kahutangan
ku kolot ti barang lahir
nepi ka ayeuna pisan


Balakbak 1

aya warung di sakola rame pisan, ngajengjreng
kuring jajan aci goreng di saosan, nya cireng
duh hanjakal duh hanjakal ari balik ti sakola, ngajongkeng

Balakbak 2

aya warung sisi jalan rame pisan, citameng
awewena luas luis geulis pisan, ngagoreng
lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggereng

1 komentar: